Anai Bandbart

Minggu, 13 April 2014

Bahasa Sunda Urang Kuningan

Basa ngamimitian ulin ka imah calon mitoha baheula, kuring reuwas soalna ujug-ujug dititah némblog (ari dadanguanmah némbok) kieu kecapna téh '' A' enggal kaditu geura nembok..!!''

hehehehe... ari pék téh dipiwarang ngadamel cai kopi ningan.. :)

Sa anggeus wawuh jeung urang Kuningan, kuring meunang kecap basa sunda anu beda jeung sunda Bandung anu biasa dipake ku kuring.

Kecap Basa Urang Kuningan nu beda nyaeta;

agéh, gagéh (kecap panyeluk)= "hayu geuwat", "burukeun"
babatayan = pabalatak, mancawura
béca = cimpring
sapeu = sampeu, dangdeur
dadaluan = bébénténgan
dicia = diképrét
di dia, ka dia = di dinya, ka dinya
doli teuing = paduli teuing
enjah, jah = embung
ésé = siki
gémét/gepeu = comro
hahajaan = heureuy tapi kacida teuing
ilok = meureun
jenuk = loba (ngumpul, ngabuntel kadut)
karah = kutan, baruk
keding = ongkoh
kagugu = lucu, hayang seuri
kaligané = ujug-ujug
kamangkara = maenya, piraku
leketey = lésang, leueur
mélékpék = ngawadul
menit = rieut, jangar
molokpok = saré
nemen = naker, pisan
nemblog = ninyuh
ngabulasin = ngabohong, tapi jiga nu teu yakin, keur nutupan kasalahanana
ngalambus = hitut
ngayah = loba (pabalatak)
nueun = "éta téa"
nyanéh = manéh, anjeun
owel = héman, lebar
paléot = méngkol
paparinun = baramén
pia-pia = bala-bala
polongo = belegug
rubiah = istri, pamajikan
sangkilang = sanajan
sangu kasréng = sangu anu dicampur ku sambel, lauk asin/rebon
sangu kolésang = sangu nu digalohkeun sareng bukur lauk asin nu panas kénéh
téoh = handap
ujur = naker, pohara
ula = oray
Hawangan = wahangan
Bada = poé lebaran
Bika = buka
Lawet = walét (ciga kapinis)
Ibu = nini
Otong = ujang/asép
Enok = enéng
Lauk tambak = lauk tambakang
Muken = mukena
Boled = hui
Kandi = kamana
Kuping = goréngan
Tanjak = tonggoh
Pudun = lebak
Cakar = nyéré
Cacakar = sasapu make sapu nyéré
Besik/bebesik = bersih/bebersih
Pinci = kaléci
Ngecrak = ngecrik
Mi = bi (bibi)
Bulit = licik 

Makruh = Baeud/bendu

.....................Aya anu lain teu basa kuningan..?? sok tambihan




Tidak ada komentar:

Posting Komentar